BERITAOKE.id – Wawakil Bupati Sukabumi H. Iyos Somantri muka Kagiatan “Mieling Poe Basa Indung Sadunya taun 2023 tingkat Kabupaten Sukabumi” nu lumangsung di Kantor Dinas pendidikan Kabupaten Sukabumi Cikembar, Salasa (21/2/23).
Wabup nétélakeun, kagiatan éta dilaksanakeun minangka upaya pikeun ngalestarikeun basa daérah sadunya. sakumaha ditangtukeun sinareng di bewarakeun ku UNESCO.
Tangtu baé anu dimaksud basa indung téh taya lian basa anu munggaran diwanohkeun ku hiji indung. Ku ayana kitu, saban sélér mibanda basa indung séwang-séwangan. Pikeun masarakat tatar Pasundan, umumna nu dimaksud basa indung teh nyaéta basa Sunda.

“Pikeun ngalestarikeun kabudayaan Sunda hususna basa, sastra jeung budaya sunda téh tanggung jawab urang sadaya. Hal eta butuh dirojong di deudeul ku para wargi sadaya,” saur Wabup.























