Basa Sunda kudu terus dijaga, ulah nika luntur komo deui leungit. Sabab, lamun lain ku papada urang hususna urang sunda rék kusaha deui.
“Ku acara ieu simkuring ngarasa, bagja sareng reueus. Kusabab ningali masih seueur jalma anu ngagunakeun jeung ngamumule basa Sunda,” cariosna Wabup.
Basa Sunda salaku basa indung, hartina nempatkeun basa Sunda salaku basa utama nu digunakeun ku masarakat Sunda, boh di lingkungan sapopoe hirup kumbuh sauyunan jeung balarea, boh kitu di kulawarga.
“Leuwih ti éta, Pamaréntah Propinsi Jawa Barat parantos ngaluarkeun Perda Propinsi Jawa Barat Nomer 14 Taun 2014 ngeunaan parobahan Perda Propinsi Jawa Barat Nomor 5 Taun 2003 ngeunaan Pangropea Basa, Sastra, jeung Aksara Daerah,” carios anjeuna.

Wabup ngaharepkeun, ku dilaksanakeunana kagiatan Mieling Poe Basa Indung Sadunya, kahareupna, adat-istiadat Sunda, ti mimiti pakean jeung basa Sunda, bisa dilarapkeun di sakola-sakola nepi ka paguron luhur jeung instansi pamaréntahan di sakuliah Kabupatén Sukabumi.























